Laporan Jurnalistik MILAD Smandak 53

Ieu jurnal teh didamel ku kelompok 4 ti kelas X MIPA 5 anu anggota na :
- M Subhan Zaenul Rofi
- Nazira Darmalia
- Silviani Puteri
- Hilda Nurfauziah
- Aeril Oktaviani
- Faiz Dzulfikar



Milad SMA Negeri 1 Cibadak
Anu Ka – 53
Milad nyaeta acara nu diselenggarakeun rutin tiap taun di SMA Negeri 1 Cibadak. Diselenggarakeun na acara ieu teh kanggo ngarayakeun tepang taun sakola SMA Negeri 1 Cibadak. SMA Negeri 1 Cibadak teh dibangun di taun 1965. Berarti atos 53 taun SMA Negeri 1 Cibadak umur na.
Acara MILAD ieu teh diselenggarakeun ti tanggal 22 Oktober 2018 nepi ka tanggal 26 Oktober 2018. Acara ieu ditujukeun kanggo ngarayakeun hari jadi SMANDAK angkatan 53, nyaeta Kanggo kelas 11 taunan ayena. Sadaya murid meni sumanget dina nyambut acara ieu teh, utamana kelas 11 na.
Kanggo ngameriahkeun acara ieu, aya babaraha pasanggiri anu atos disiapkeun ti jauh-jauh hari. Pasanggiri ieu teh diselenggarakeun ku babaraha ekstarakulikuler diantara nyaeta :
1.     Gerimis ( Gebyar Insan Muda Islam Smandak) ti Ekskul DKM
2.     Bulba ( Bulan Bahasa) ti Ekskul Madding
3.     EBC ( English Battle Competition ) ti ekskul English Club
4.     Bunkasai ti Eksul Japannese Club
5.     Bazzar ti Ekskul Kovisa
Dihandap ieu daftar macam pasanggiri anu dilombakeun :
1.     Pasanggiri nu diselenggarakeun ku panitia DKM nyaeta , pasanggiri MMQ, MHQ, Da’i, LCC PAI, jeung Acapella.
2.     Pasanggiri nu diselenggarakeun ku panitia English Club nyaeta, Debate, Akustik, jeung News Casting
3.     Pasanggiri nu diselenggarakeun ku panitia Japanese Club nyaeta, Cosplay, Shuuji, Doujin, Rodoku, Foto cosplay, jeung obake ( tempat hiburanna).
4.     Pasanggiri nu diselenggarakeun ku panitia Kovisa nyaeta Bazzar
5.     Pasanggiri nu diselenggarakeun ku panitia Madding nyaeta, Dongeng, Maca Puisi, Poster, Jeung Madding 3D.
6.     Pasanggiri nu diselenggarakeun ku panitia MILAD nyaeta, Bola Minios, Tarik tambang, jeung Estafet Vaganza.
Dina poe kahiji tanggal 22 Oktober 2018 aya acara pembuakaan anu dimulai na ti jam 7.00 WIB. Salajeng na aya sambutan-sambutan ti Ketua pelaksana, kapala sakola, jeung kasiswaan. Saberes pembukaan jeung sambutan, diteruskeun ku perlombaan, diantarana nyaeta Bazzar dilaksanakeun di stand bazzar masing-masing, Maskot dilaksnakeun di lapang, jeung Akustik dilaksanakeun di lapang.
Dina poe kadua tanngal 23 Oktober 2018 dilaksanakeun lomba tarik tambang, Debat bahasa inggris, News casting, doujin, Shuuji, jeung rodoku. Sadaya dilaksanakeun di kelas iwal ti tarik tambang di lapang.
Poe katilu tanggal 24 Oktober aya perlombaan MMQ, MHQ, Da’i, LCC PAI ti DKM, Musikalisasi Puisi, poster, jeung dongeng ti Ekskul Madding. Sadaya dilaksanakeun di kelas iwal ti Musikalisasi puisi dilaksanakeun na di lapang.
Poe kaopat tanggal 25 Oktober 2018 aya acara inti ti gerimis nyaeta ceramah ti jam 7.30 WIB nepi ka jam 10.00. Dilajutkeun ku perlombaan deui nyaeta pasanggiri acapella sareng Ranking 1 anu dilaksanakeun di lapang sakola.
Poe kalima poe terakhir tanggal 26 Oktober 2018 aya pelombaan estafet vaganza anu setiap kelas na ngirimken 10 siswa jang ngiluan lomba, saberes lomba eta kapotong heula ku solat jumat nepi ka jam 12.30 WIB. Acara salajengna nyaeta Bola minion, setiap kelas ngirimkeun 1 siswa. Acara saterusna nyaeta acara pembagian hadiah kanggo para pinunjul. Acara terakhir nyaeta acara puncak, nyaeta konfigurasi tulisan, nyanyi nyanyi bareng, jeung foto babarengan perangkatan.

Comments

Popular posts from this blog

Laporan Kagiatan Pemilihan Ketua Osis SMAN 1 Cibadak 2018/2019